Senin, 21 Januari 2019

MÉDIBANG PANGGANTI APLIKASI MAYAR

MÉDIBANG PANGGANTI APLIKASI MAYAR





   MédibangPaint téh aplikasi ngagambar jieunan nagara Jépang disebut-disebut ceuk illustrator-illustrator mah aplikasi teu mayar atawa gratis nu méré kauntungan ka Illustrator. Saacan aya MédibangPaint mah Illustrator ngagunakeun aplikasi nu mayar anu kaitung awis hargana téh bisa jutaan. Ku sabab hargana nu kaitung awis Illustrator téh jadi kawalahan.

   MédibangPaint nyediakeun fitur-fitur anu teu éléh jeung fitur-fitur ti aplikasi anu mayar. Fitur-fiturna mah gampang digunakeun jadina teu kudu rarungsing ngadaptasi aplikasina nu lila sabab ku gampang téa.

   Ukurana aplikasi MédibangPaint teh 200 mb henteu beurat jiga aplikasi nu mayar nu ukuranana bisa gigabyte. Tampilanna canggih atawa modérn jadina Illustrator ngarasa hadé. Lamun henteu cocok jeung fitur koasna bisa ngadownload koas anu dipikaresep. Aya ogé fitur anu lainna bisa didownload lamun Illustrator ngarasa aya nu kurang.

   Aplikasi ieu téh bisa di pake ku macem-macem jalma bisa ku Illustrator, nu nyieun komik, nu nyieun désain jeung sajabana mirip pisan jeung aplikasi nu mayar bédana ti hargana hungkul.




**Mun hayang ngadownload aplikasina aya di webna tinggal ngadownload hungkul. Aplikasi teu mayar.
https://medibangpaint.com/en/